Karakter poe kalahiran
1.SENEN = KEMBANG
Mentingkeun tetembongan diri, sok rapih. Loba dipikaresep ku jalma, berehan.
Tapi,sok 'asa aing, yeuh aing', keukeuh peuteukeuh.
2. SALASA = SEUNEU
Hade jiwa sosialna. Resep nulungan teu ningali sahana. Satia jeung hese beger
deui. Tong wawanianan nipu jeung ngahianat ka manehna sabab gede tur goreng
ambek jeung resep ngagede-gede masalah.
3. REBO = DAUN
Cicingeun, kalem, ngawibawa, oge hade basa jeung laku. Lamun geus kenal deukeut,
kanyaohan dirina teh sok ngabungahkeun. Mikanyaah ka kulawarga. Tapi, babari
kabawa arus, gampil percaya kana omongan anu can tangtu bener. Paling anti
dititah.
4. KEMIS = ANGIN
Teu gampil putus harepan, sumanget gawena hade, tekun, giat latihan. Sok teu
betahan di imah. Kadang sok "ciga kacangpoho kulitna", loba omong, curigaan.
Hadena tara ngadendam.
5. JUMAAH = CAI
Tenang, nyegerkeun, tapi oge sok ciga ombak, ngamuk. Cicingeun, tapi
prinsipna"leuwih hade cicing daripada ngomong nuteu aya mangpaatna."
Wibawana tingkat luhur jadi loba dipika kagum ku jalma. Tapi egois, keukeuh
kumaha manehna, sok "asa aing, yeuh aing!" jeung sagala kahayangna kudu
dicumponan.
6. SAPTU = TANEUH BUMI
Pisikna kuat, pendirianna oge, kokoh jeung kuat hate. Cita-citana luhur jeung
berehan. Moal asa-asa mere anu dipikaboga asalkeun bisa nulungan batur.
Gorengna, sok hayang nguasaan jeung ngabogaan naon bae anu dipikaresep, rada
egois, jeung sombong. Tapi teu gancang putus asa jeung leukeunan ikhtiar.
7. MINGGU = MEGA
Loba babaturannana. Pergaulanna luas saluas mega. Hade basa jeung laku ka
sasaha. Pinuh sumanget gawe. Kurangna sok kamalinaan kana kasedih, sagala
kahayangna kudu dicumponan, lamun henteu? Manehna bakal ngusahakeun ku
cara naon bae. Lamun soal cinta, manehna satia jeung lain tipe gampangan.
Rabu, 02 Desember 2015
Karakter poe kalahiran
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar